Postingan

Tumamprak

"Nun Gusti, satemenna abdi  nyuhunkeun ka Anjeun pangampunan, sareng kasalametan dina urusan agama, kulawarga, dunya, sareng harta banda!" haté jumerit. Wanci janari teu weléh mustari pikeun nyaliksik diri. Ngobét haté nepi ka mamaras rasa. Ngorédaskeun sagala bangbaluh, disanggakeun ka nu Kagungan, ka nu Ngusikmalikeun jisim jeung jirim. Ngabedahkeun nu dikemu ti mimiti karék hudang nepi ka reup peureum. Taya hahalang pikeun brukbrak ka Mantenna. Tumamprak kana kulak canggeum bagja awak. Basa adan subuh ngajomantara, geuwat menerkeun mukena nu cipruk ku cipanon. Haté ngemplong. Taya bangbaluh nu nyangkaruk. Sagala rupana tos disanggakeun ka nu Kagunganna. Tatag mapag datangna sang surya nu mimiti sumirat. Teuneung ludeung, taya sakeprul kahariwang nu bakal ngahalangan éndahna poé éta. Béhna mah ngan sakadar sawangan. Jauh mela jauh melu tina kanyataan. Geura wéh ... Karék ogé ngudar mukena, geus kapireng géréwékna si Bungsu. Tayohna diélég ku lanceukna. Da si Cikal mah r

Nu Nyiar Ubar

Leumpang ngebat ngidul. Léok méngkol ka katuhu. Tuluy nurugtug mudun. Bras ka jalan jajahan. Panonpoé meujeuhna manceran. Késang ngajarangjlang. Tikoro karasa tuhur.  Di kajauhan katempo aya saung. Gura-giru diburu, rék ngadon reureuh. Ongkoh can solat. Barang srog ka saung, kacida bungahna. Aya sababaraha hal anu matak ngarasa bungah. Hiji, éta saung kacida beresihna jeung lalega. Dua, di gigireunna aya pancuran tina awi Surat. Golodogna sarua tina awi Surat leunjeuran. Tungtung pada tungtung dicempédan. Weweg. Caina ngagolontor canémbrang hérang. Palid kana babalongan nu di jerona katingali aya lauk emas cing gudiblag. Katilu, di pongpok hareup beulah katuhu aya rungkun Ermawar beureum keur meujeuhna mangkak. Éstu saung tèh matak pikabetaheun, saha atuh nu bogana? Bari rada rungkag-rengkog, bus kuring asup ka jero éta saung. Sok buntelan diteundeun dina palupuh anu ngagenclang hérang bakat ku hadé piara. Taya kekebul sakeprul gé. Éstu beresih. Koréléng ka pancuran rék ngadon bebere

Pengakuan

PENGAKUAN (Revisi)  Hujan yang turun memandu ke masa lalu. Mempertemukan dengan jejakmu yang susah payah kuhapus. Setelah peristiwa itu, tidak pernah kutahu keberadaanmu, apalagi perjalanan hidupmu. Aku pikir semua sudah berakhir. Dipertemukan lagi membuat hatiku mengharu biru. Tak pernah tahu tujuanmu menceritakan seluruh kisah hidupmu. Aku hendak berjalan menata masa depan, kembali dihempaskan ke masa silam. Bagiku itu sungguh tidak adil. Benar-benar tidak adil! Mengapa kau mencariku? Mengajakku terus bertemu hampir setiap waktu, menelusuri jejak masa lalu. Aku tak kuasa menolak permohonanmu. Tatapanmu masih seperti dulu, mampu meluluhlantakkan keakuanku. Kembali menjalani hari-hari bersamamu, perlahan-lahan menumbuhkan lagi rasa yang pernah bersemayam. Menumbuhkan kuncup yang sudah layu. Sampai suatu waktu kau mengaku, “Aku memohon izin untuk melamar sahabatmu!” Sungguh satu pengakuan yang mampu menghempaskanku ke ujung kutub waktu. Perlahan menumbuhkan perdu empedu di hatiku yang ‘

Teungteuingeun

Raheutna haté ngamalirkeun getih kanyeri. Ngahudangkeun rasa diteungteuinganan. Ngahurungkeun seuneu kakeuheul nu ngarérab régang kanyaah tug nepi ka ngadurukna ninggalkeun gundukan lebu kaceuceub. Rasa disapirakeun sakedét nétra ngamusnahkeun sagala kaheman. Gudawangna raheut teu weléh ngamalirkeun getih kanyeri. Gulidagna cai ka asih mimiti mareuman ruhayna amarah. Tapi ruhakna teu bener-bener pareum. Hiliwir angin kanyeri sok ngalantarankeun ruhak amarah téh marakbak deui. Gudawangna raheut poma kadupak boh ku sikep atawa ku caritaan angger ngamalirkeun getih kanyeri nu ngamuara ka sagara tunggara. Pan aya surga jeung naraka. Pasti aya wawales nu bakal katarima. Teu ayeuna sugan jaga. Teu di dunya sugan di akherat. Teu ku dirina boa ku anak incu buyutna. Kayakinan kana hal éta saeutikna ngubaran sagala rasa katideresa. Kayakinan nu dumasar tina rasa teu tuah teu dosa. Naha enya teu tuah teu dosa?!

Pasian Carita

Pasian Carita Teuing kunaon. Teu pupuguh, Inong gawéna amuk-amukan. Murang-maring.  Sing saha waé nu tepung jeung manéhna pasti kabarérang. Geus sababaraha poé kitu petana téh. Saméméhna Inong geus rekés. Manéhna boga kahayang sangkan dibukakeun naon nu jadi marga lantaran haténa teu ngeunah petana. Ngaguligah. Ting sérédét. Seseblakan. Sababaraha peuting Inong menekung mujasmédi ka Gusti Nu Maha Suci. Manéhna ukur ngerejepkeun panon bari diuk. Peureum tapi teu bener-bener saré. Gusti Nu Maha Suci ngajawab guligahna haté Inong. Teu sakara-kara kalapa bijil ti cungap. Karék Inong ngarti kunaon pangna manéhna hayang amuk-amukan waé. Geuning kolot buyutna teu ridoeun mun Inong dinyenyeri deungeun. Dianggap budak borok hulu. Ti dituna mah kolot buyutna méré totondén, ngan Inong teu surti. Sanggeus kajadian kitu mah dadak sakala ilang musnah kahayang amuk-amukan Inong téh. Ayeuna mah haté Inong tenang lir ibarat beungeut cai talaga. Cangra lir ibarat purnama. Mabra. Ngempray. Caang pad

Rembulan di Ranting Cemara

Sepi. Itu yang Inong rasakan belakangan ini. Perasaannya hampa. Hatinya kosong. Mata menatap ke satu arah dengan tatapan yang sulit dijelaskan maknanya. Bengong. Dari mata itu kadang mengalir butiran bening. Lalu menderas. Menganak sungai.  Kondisi yang dialami Inong adalah buah dari kesepakatan hati dan pikirannya. Meski tak siap, Inong harus menjalaninya. Berpura-pura tegar. Menahan diri untuk tidak mengungkapkan kegelisahannya. Kecemburuannya. Mencoba tampil dengan senyum selalu tersungging di bibirnya. Kadang kesepakatan itu ia sesali. Jiwanya tak sekuat pikirannya. Ketika pikiran memutuskan, hatinya tak lantas mematuhi. Penyesalan itu sesungguhnya tak perlu datang. Penegasan yang Inong terima sudah dapat menangkis semua kegelisahan jiwanya. "Kalaupun aku jarang menghubungimu bukan berarti perasaan itu berkurang. Perhatian, kasih sayang semua tertuju padamu. Apalagi yang kamu risaukan?" itu jawaban atas semua pertanyaan yang Inong lontarkan. Tapiiii  ... perempuan butuh p

Rembulan Terbelah

Semilir angin meniup daun-daun. Pucuk suplir terangguk anggun. Sumringah membalas sapaan sang bayu. Senja yang sungguh memesona.  Sepasang mata tak berkedip menikmati keindahan itu. Benarkah mata itu menikmati pesona cumbuan .angin di pucuk suplir? Kenyataannya tak  begitu. Inong yang tengah duduk di teras, menunggu keringatnya kering setelah merapikan halaman depan. Meski matanya tak mau lepas menatap pucuk-pucuk suplir yang menari seirama angin, tapi pikirannya tak di situ. Mengembara nun jauh ke seberang. Terbelenggu pada sosok yang sekarang entah di mana. Seharian ini Inong hanya menunggu dan menunggu. Sepanjang siang sampai menjelang senja tak ada notifikasi masuk dari orang yang dinanti. Mengapa? Sibukkah? Tak adakah sepotong ingatan terselip di batang otaknya di igir hatinya kepadaku? Inong mengusap bening yang hampir luruh di pipinya. Tak hendak ia menurutkan kegundahan hatinya. Bersegera memusatkan hati dan pikiran. Azan magrib yang berkumandang menjeda gundah hatinya. "M