Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2020

The First

Gambar
RANGGEUYAN PANINEUNGAN   Alhamdulillah, bari jeung tisuksruk tidungdung ogé teu burung tinekanan kahayang téh. Hayang boga buku kumpulan carita pondok meunang sorangan. Éta kahayang téh ti baheula. Kahayang anu datang tina karesep. Ukur kahayang, puguh taya kabisa. Ieu ogé lain bakat ku bisa, nyao ari kaasup karya sastra henteuna mah, da kuring mah teu pati timu, sabab ukuran anu dipakéna ogé ukur pangaresep. Resep maca, utamana carita Sunda.  Salian ti éta, medalna ieu buku nyaéta pikeun nyumponan panantang nulis ti Komunitas Pengajar Penulis Jawa Barat (KPPJB). Ku medalna ieu buku, kuring banget nganuhunkeun ka kulawarga. Nuhun pangdeudeulna. Ogé ka para méntor  anu tos masihan élmu pangaweruh ngeunaan nulis carita pondok. Hatur nuhun ka Penerbit anu tos nyadiakeun lolongkrang pikeun midangkeun ieu carita pondok. Hatur nuhun kasadayana, kum teu diwiji-wiji. Nuhun pangrojongna.  Bisi aya ngaran jeung patempatan nu sarua, éta teu dihaja. Éstu kabeneran. Pangréka carita. Mug