"Nun Gusti, satemenna abdi nyuhunkeun ka Anjeun pangampunan, sareng kasalametan dina urusan agama, kulawarga, dunya, sareng harta banda!" haté jumerit. Wanci janari teu weléh mustari pikeun nyaliksik diri. Ngobét haté nepi ka mamaras rasa. Ngorédaskeun sagala bangbaluh, disanggakeun ka nu Kagungan, ka nu Ngusikmalikeun jisim jeung jirim. Ngabedahkeun nu dikemu ti mimiti karék hudang nepi ka reup peureum. Taya hahalang pikeun brukbrak ka Mantenna. Tumamprak kana kulak canggeum bagja awak. Basa adan subuh ngajomantara, geuwat menerkeun mukena nu cipruk ku cipanon. Haté ngemplong. Taya bangbaluh nu nyangkaruk. Sagala rupana tos disanggakeun ka nu Kagunganna. Tatag mapag datangna sang surya nu mimiti sumirat. Teuneung ludeung, taya sakeprul kahariwang nu bakal ngahalangan éndahna poé éta. Béhna mah ngan sakadar sawangan. Jauh mela jauh melu tina kanyataan. Geura wéh ... Karék ogé ngudar mukena, geus kapireng géréwékna si Bungsu. Tayohna diélég ku lanceukna. Da si Cikal mah r
PEMBELAJARAN DARING YANG EFEKTIF DAN MENYENANGKAN Pandemi Covid-19 mengubah kehidupan masyarakat Indonesia. Dunia pendidikan pun tidak luput terkena imbasnya. Sebagai upaya untuk mencegah meluasnya pandemi ini, pemerintah mengeluarkan kebijakan agar para siswa belajar dari rumah (BDR). Sejak saat itu banyak perubahan yang terjadi pada proses pembelajaran. Apa saja perubahan tersebut? Pertama . Guru dan siswa dituntut untuk mampu menyelenggarakan pembelajaran jarak jauh. Pembelajaran jarak jauh adalah sekumpulan metode pengajaran di mana aktivitas pengajaran dilaksanakan secara terpisah dari aktivitas belajar (Hamzah, 2007:34). Pemisah kedua kegiatan tersebut dapat berupa jarak fisik, misalnya karena siswa bertempat tinggal jauh dari sekolah. Dapat pula pemisah itu berupa nonfisik, misalnya karena keadaan memaksa siswa meskipun dekat dengan sekolah tetapi tidak boleh datang ke sekolah. Seperti saat ini, pembelajaran jarak jauh diselenggaraan disebabkan oleh faktor nonfisik, yakni karena
Leumpang ngebat ngidul. Léok méngkol ka katuhu. Tuluy nurugtug mudun. Bras ka jalan jajahan. Panonpoé meujeuhna manceran. Késang ngajarangjlang. Tikoro karasa tuhur. Di kajauhan katempo aya saung. Gura-giru diburu, rék ngadon reureuh. Ongkoh can solat. Barang srog ka saung, kacida bungahna. Aya sababaraha hal anu matak ngarasa bungah. Hiji, éta saung kacida beresihna jeung lalega. Dua, di gigireunna aya pancuran tina awi Surat. Golodogna sarua tina awi Surat leunjeuran. Tungtung pada tungtung dicempédan. Weweg. Caina ngagolontor canémbrang hérang. Palid kana babalongan nu di jerona katingali aya lauk emas cing gudiblag. Katilu, di pongpok hareup beulah katuhu aya rungkun Ermawar beureum keur meujeuhna mangkak. Éstu saung tèh matak pikabetaheun, saha atuh nu bogana? Bari rada rungkag-rengkog, bus kuring asup ka jero éta saung. Sok buntelan diteundeun dina palupuh anu ngagenclang hérang bakat ku hadé piara. Taya kekebul sakeprul gé. Éstu beresih. Koréléng ka pancuran rék ngadon bebere
Sae bu 🙏🏻👍🌹
BalasHapusDuh cantiknya bunga nya secantik yg nulis...👍👍👍
BalasHapusBu Win matap🥰😍👍
BalasHapusAlhamdulillah ada postingan lagi. Kereen Bu Wiwin.. Ditunggu postingan berikutnya..
BalasHapus