Nu Nyiar Ubar

Leumpang ngebat ngidul. Léok méngkol ka katuhu. Tuluy nurugtug mudun. Bras ka jalan jajahan. Panonpoé meujeuhna manceran. Késang ngajarangjlang. Tikoro karasa tuhur.  Di kajauhan katempo aya saung. Gura-giru diburu, rék ngadon reureuh. Ongkoh can solat.

Barang srog ka saung, kacida bungahna. Aya sababaraha hal anu matak ngarasa bungah. Hiji, éta saung kacida beresihna jeung lalega. Dua, di gigireunna aya pancuran tina awi Surat. Golodogna sarua tina awi Surat leunjeuran. Tungtung pada tungtung dicempédan. Weweg. Caina ngagolontor canémbrang hérang. Palid kana babalongan nu di jerona katingali aya lauk emas cing gudiblag. Katilu, di pongpok hareup beulah katuhu aya rungkun Ermawar beureum keur meujeuhna mangkak. Éstu saung tèh matak pikabetaheun, saha atuh nu bogana?

Bari rada rungkag-rengkog, bus kuring asup ka jero éta saung. Sok buntelan diteundeun dina palupuh anu ngagenclang hérang bakat ku hadé piara. Taya kekebul sakeprul gé. Éstu beresih. Koréléng ka pancuran rék ngadon beberesih. Di pancuran samemena. Ngoyok. Cai kacida nyecepna. Rérés solat gap kana buntelan rék néang tutungkusan pamahanan indung. Beuteung kukuruwukan ménta dieusian. Ngahénggoy sangu jeung beuleum oncom dicocolkeun kana kurud uyah. Aya ku mirasa. Timbel sagedé aduan peureup geus merenah cicing dina jero beuteung. Leguk nginum tina kempis. Alhamdulillah, nimat mana deui atuh nu rék disanglah?

Lung daun urut timbel dialungkeun kana kotakan. Keun keur gemuk. Da lamun palastik mah moal wani miceun kitu waé. Tuluy nyarandé kana bilik saung. Angin ngahiliwir. Tiis nebak kana awak. Ley ... Ley ... Biwir panon mimiti karasa beurat. Diusapan ku angin nu  rintih matak tingtrim.

Sare kacida tibrana. Lilir teuing wayah kumaha. Nu  jelas pasti geus peuting, sabab aya palita nu ngetit hurung bari kakalicesan katebak angin. Saha nu geus ngahurungkeun palita? Kuring neges-neges sabudeureun saung bisi aya nu bogana atawa jalma nu geus ngahurungkeun palita. Tapi najan panon weléh dibelél-belél gé taya sasaha. Inget can solat. Tilu waktu solat kaliwat. Geuwat ka pancuran.

Hulang-huleng. Bingung pilampaheun. Puguh wanci geus peuting, ongkoh rék bisa lumampah kumaha wayah poék bulan, kuriak sasab. Dina aya na cahaya bulan paling ké wanci ngagayuh ka janari. Kapaksa kudu meuting di dinya. Sanggeus meunang kaputusan kitu mah kuring tuluy ngésérkeun buntelan rék dipaké anggel.

Nangkarak bengkang. Ras inget deui kana palita. Saha nu ngahurungkeunna?
"Sampurasun!" koréjat hudang. Kacida reuwasna. 

"Ra  ...  Rampés ...!" jawab téh arapap-eureupeup. Nu uluk salam sup ka jero saung. Kuring menerkeun diuk. Song nu anyar datang tèh ngasongkeun leungeun. Ngajak sasalaman. Gap ditampanan. Gék manéhna diuk deukeut tihang beulah kulon. Kuring cicing dina deukeut tihang beulah wétan. Sajongjongan simpé.

"Tadi kula kadieu ...," manéhna muka carita. 

"Ngan hidep keur saré tibra pisan. Kula teu wani ngageuingkeun. Sanggeus kula ngahurungkeun palita  tuluy mapay cai ka huluwotan," kitu caritaanna. 

Kuring ngarasa lugina sabada ngarungu caritaan manèhna. Taya deui kapanasaran! Kétang aya kénéh.

"Kuring kataji ku kabérsékaan ieu saung, naha ki Sanak bumetah di dieu?" teu weudeu  ditanyakeun. Kuriak teu bisa saré lamun teu ditanyakeun..hehe..!

 "Ah, henteu!" jawabna pondok. Kuring tuluy cametem. Bingung rék nuluykeun wangkongan.
"Nu sabenerna hidep rék kamana? Naha saré di dieu?" manéhna ngamimitian deui wangkongan. Derekdek ku kuring dicaritakeun satarabasna. Manéhna unggut-unggutan ngaregepkeun caritaan kuring.
"Tuluy ayeuna rék kumaha?" manéhna nyusul tepus.
"Nya pami diwidian, abdi badé ngiring ngarereb di dieu, da moal tiasa neraskeun lalampahan!" 
"Nu sabenerna hidep rék kamana?" manéhna tetelepék. Kuring tuluy ngadadarkeun pamaksudan. Manéhna unggut-unggutan. Teu lila pok ngomong, "Ana kitu mah hayu atuh ayeuna urang lumampah, ku kaula dianteur!" kitu omongna.

Leng ngahuleng. Manéhna jiga nu surti, "Teu kudu miang ayeuna ké baé lamun geus caang bulan!" Kuring nyaluyuan. Geus kitu mah jep wae jempling. Manéhna amitan rék mapay deui cai. Saléos manéhna kuring tuluy ngagolédag deui dina urut tadi. 


Rarasaan téh karék sakerejep, basa aya nu ngaguyahkeun. Nyah beunta tuluy hudang. Diuk sidengdang bari ngumpulkeun pangacian. Manéhna ngajak miang. 

Kuring tanggah. Bulan mabra. Nyaangan buana Panca Tengah. Cahaya pérakna mawa kaéndahan nu hésé dicaritakeun. 

Ngiclik nuturkeun manéhna. Leumpang mapay galeng dicaangan cahaya bulan. Bras ka jalan jajahan. Léok méngkol ka katuhu. Tuluy mapay jalan satapak. Di kénca katuhueun jalan nu keur disorang paré huma  keur sedeng beukah. Rampak mayakpak satungtung deuleu.  

Sapaparat jalan taya nu kemék. Saréréa ngabetem. Ngan dina jero haté kuring galecok sorangan.

 Rarasaan leumpang téh geus jauh. Tutup pihumaan disambung ku kebon séréh. Pucukna pating arulang katebak angin. Sorana éndah nandingan galindengna wirahma jazz. Rarasaan asa keur diuk di juru kape nu aya di Cisangkuy. Saenyay beungeut nu ngadaun seureuh némbongan dibarung imut ngagelenyu tina biwir nu amucuy. 

Tutup kebon séréh. Disampakeun tanjakan nu mayat. Asa wegah. Seunggah.  Tapi manéhna leumpang antaré bangun taya kacapé. Bulan nu moncorong ngagantung hareupeun, teu anggang tibang ukur lima séntiméter. Angger kitu teu ngadeukeutan teu ngajauhan. Saenyay beungeut nu ngadaun seureuh némbongan, dibarung teuteup deudeuh tina talaga panonna nu canémbrang hérang. 

Sumanget ngagedur deui. Kacapé ilang tanpa karana. Léngkah digancangan nyusul manéhna nu geus rada anggang. Tutup tanjakan jog ka mumunggang pasir nu mangrupa palataran lega. Tetempoan plung plong ka jauhna. Bulan nu moncorong ngagantung hareupeun, teu anggang tibang ukur lima séntiméter. Angger kitu teu ngadeukeutan teu ngajauhan. Saenyay beungeut nu ngadaun seureuh némbongan, amis cauna pating helewir kausikeun angin. 

Cungak cingeuk néangan manéhna. Bréh katempo keur nurugtug. Geuwat dituturkeun, bisi  tinggaleun léngkah. Basa geus bisa nyusul manéhna pok kuring nanya, "Ki Sanak, ieu téh masih tebih?" manéhna ngajawab bari terus leumpang, "Hayu wéh tuturkeun!" peun, kuring teu wani ngomong nanaon deui. 

Jog kahiji palataran anu lega. Aya hiji wangunan di tengah palataran. Disebut imah da ayana di tempat anu hara-haraeun, disebut saung da ukurana leuwih gedé. Disabudeureunna pinuh ku rupa-rupa kembang. Cing runggunuk sarungkun-sarungkun. Poma seug beurang tangtu bakal leuwih atra kaéndahanna. Lain hartina ayeuna heunteu endah. Beurang jeung peuting mibanda kaéndahan séwang-séwangan. Éta palataran sawates jeung leuweung. Tangkal kai rajeg sagedé-gedé tangkeupan kolot.

Manéhna ngajengjen hareupeun éta wangunan, ngadagoan kuring nu tinggaleun sababaraha léngkah. Sanggeus pasanghareup-sanghareup pok manéhna ngomong, "Kaula ngan bisa nganteur hidep nepi ka dieu, teu bisa leuwih ti kieu. Wayahna hidep kudu lunta sorangan. Kaula ngan bisa ngadunga sangkan sagala pamaksudan hidep hasil kalayan nyugemakeun, kaula undur diri! Bisi rék wudu di tukang aya pancuran!" sanggeus ngomong kitu manéhna tuluy ninggalkeun kuring. Nu amitan diteuteup tonggongna. Leumpang ngungkug kanu urut tadi datang. 

Tinggal kuring cuang-cieung sorangan di tempat nu hara-haraeun. Jauh ka ditu jauh ka dieu. Patempatan anu kacida asingna pikeun kuring. Rey bulu punduk muringkak. Sora anjing babaung ngalanglaung di kajauhan. Haté beuki péot. Gura-giru muru cai. Kuring hayang wudu heula méméh asup ka jero éta wangunan. 

Kalayan nyebat Asma Alloh bus kuring asup, "Assalamualaikum ...!" biwir engab uluk salam. Taya sasaha. Geuwat buntelan diteundeun. Bar ngamparkeun sajadah. Haté jeung pikiran teuleum dina jerona umul Quran. Rérés solat terus mujasmedi ka Gusti Nu Maha Suci. Nyanggakeun sadaya-daya kanu ngusikmalikeun jirim jeung jisim. Menekung, meredih sangkan Mantenna masihan pituduh geusan piubareun beubeureuh nu maneuh dina galeuhna rasa. Saenyay beungeut nu ngadaun seureuh némbongan, imut maur. Haropak pias. Ngalempréh taya tangan pangawasa. Ambekanna sadami-sadami. Uubar geus ka mana geus ka mendi. Geus puluhan dokter didatangan. Geus puluhan kiyai dijugjug. Sapanuduhan batur digugu. Nu deukeut di deuheus nu anggang ditéang. Tapi Gusti Nu Maha Suci can ngidinan nu boga liang undur-undur dina pipina jagjag waringkas deui," teu karasa cimata ngeclak karasa tiis kana dampal leungeun nu tumamprak. 

Bakat ku capé reup peureum. Kuring didatangan ku hiji jalma nu maké pakéan sing sarwa bodas. Buukna nu panjang ogé bodas ditutupan ku sorban gaya Aa Gym. Kumis jeung janggot na nu ogé bodas mapaés beungeutna nu cahayaan. Teuteupna linduk. Sorana témbrés mépés haté jeung pikiran nu marudah. Matak ajrih. Kuring teu wani cengkat. Nu anyar datang ngandika, "Kasép ...! kanyaah, kaasih, jeung kadeudeuh nu geus mawa hidep nepi ka dieu. Usaha nu geus béak déngkak pikeun uubar. Bur ka ditu ber ka dieu. Geus cukup. Ayeuna mah hidep sakulawadet tinggal pasrah sumerah ka Gusti Alloh tumamprak kana kadar. Narimakeun sakabéh nu tumiba kalayan ikhlas. Kasusah nu ayeuna karandapan ku hidep sakulawadet jadi jalan pikeun ngobét haté séwang-séwangan. Nyaliksik diri kanu laku lampah nu geus kaliwat. Pék geura imeutan bisi aya jangji anu jalir, bisi aya hutang nu can ditaur, bisi aya lampah codéka. Boh anu teu dihaja komo anu dihaja. Gusti Alloh moal méré cocoba ngaleuwihan kamampuan urang. Bral geura mulang. Di sabudeureun ieu tempat loba kembang. Pék ala! Kaweningan asih hidep nu bakal mawa léngkah pikeun manggihanna," bray kuring beunta. Ngahuleng ngaraga meneng. Ngamanaan naon nu geus karandapan. Kuring karék sadar salila ieu uubar tèh teu dibarengan ku rasa tumamprak kanu Kawasa. Ngan saukur percaya yén dokter ieu yén kiyai itu nu bisa nyageurkeun. Astagfiruloh! Kuring sadar kana kasalahan. Yén nu bisa nyageurkeun iwal ti Gusti nu Maha Suci, "Duh, Gusti, abdi nyanggakeun sadaya-daya, nampi kana kulak canggeum bagja awak. Nampi saneskanten cocobi nu tumiba ka diri," cimata ngajarangjlang.

Sumirat fajar ngahudangkeun haté. Tuluy bijil. Patempatan jadi leuwih éndah. Kekembangan nu aya di dinya éstu kacida lobana. Rupa-rupa. Bodas, beureum, kayas, bungur jeung nu lianna. Matak barieukeun. Kuring museurkeun pikiran, ngalempengkeun paniatan. Miceun sagala geugeuleuh nu aya dina haté nu sakirana bakal ngiruhan kaweningan niat. 

Suku mimiti ngaléngkah niténan hiji-hiji rupa kembang nu aya di dinya. Bari haté teu weléh manteng meredih pituduh Gusti sangkan kuring bisa manggihan kembang nu saéstuna. Geus ampir sakabéh kembang ditempo kalayan imeut. Tapi can aya nu cop jeung haté. Geus mimiti pondok harepan. Kuring terus manteng meredih ka Gusti sangkan nungtun léngkah kanu dipimaksud. Léos ka pancuran, "Mending salat heula," gerentes haté. Basa cengkat tas wudu, panon ngarérét ka hiji kembang anu kacida endahna. Éstu béda tinu séjén. Nyengcélak. Jiga nu ngahiap-hiap ngajak sangkan dibawa. Teg, hiji kayakinan eunteup. Meureun ieu kembang téh. Kalayan nyebat asma Alloh kuring amit mipit éta kembang. Basa éta kembang geus aya dina leungeun, aya rasa bungah nu nyaliara. Harepan mimiti mekar. Saenyay beungeut nu ngadaun seureuh némbongan, dibarung teuteup deudeuh tina talaga panonna nu canémbrang hérang. Cag*)


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tumamprak

Teungteuingeun