Pasian Carita

Pasian Carita

Teuing kunaon. Teu pupuguh, Inong gawéna amuk-amukan. Murang-maring.  Sing saha waé nu tepung jeung manéhna pasti kabarérang. Geus sababaraha poé kitu petana téh.

Saméméhna Inong geus rekés. Manéhna boga kahayang sangkan dibukakeun naon nu jadi marga lantaran haténa teu ngeunah petana. Ngaguligah. Ting sérédét. Seseblakan. Sababaraha peuting Inong menekung mujasmédi ka Gusti Nu Maha Suci. Manéhna ukur ngerejepkeun panon bari diuk. Peureum tapi teu bener-bener saré.
Gusti Nu Maha Suci ngajawab guligahna haté Inong. Teu sakara-kara kalapa bijil ti cungap. Karék Inong ngarti kunaon pangna manéhna hayang amuk-amukan waé. Geuning kolot buyutna teu ridoeun mun Inong dinyenyeri deungeun. Dianggap budak borok hulu. Ti dituna mah kolot buyutna méré totondén, ngan Inong teu surti.
Sanggeus kajadian kitu mah dadak sakala ilang musnah kahayang amuk-amukan Inong téh.

Ayeuna mah haté Inong tenang lir ibarat beungeut cai talaga. Cangra lir ibarat purnama. Mabra. Ngempray. Caang padang narawangan. Geus taya kekebul dinu haténa.
Neuteup ka hareup ku sikep nu teteg. Teuneung ludeung. Moal unggut kalinduan gedag kaanginan. Manéhna rék nuturkeun garis kahirupan nu geus ditangtukeun pikeun dirina. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tumamprak

Teungteuingeun

Nu Nyiar Ubar