Tumamprak

"Nun Gusti, satemenna abdi  nyuhunkeun ka Anjeun pangampunan, sareng kasalametan dina urusan agama, kulawarga, dunya, sareng harta banda!" haté jumerit. Wanci janari teu weléh mustari pikeun nyaliksik diri. Ngobét haté nepi ka mamaras rasa. Ngorédaskeun sagala bangbaluh, disanggakeun ka nu Kagungan, ka nu Ngusikmalikeun jisim jeung jirim. Ngabedahkeun nu dikemu ti mimiti karék hudang nepi ka reup peureum. Taya hahalang pikeun brukbrak ka Mantenna. Tumamprak kana kulak canggeum bagja awak.

Basa adan subuh ngajomantara, geuwat menerkeun mukena nu cipruk ku cipanon.
Haté ngemplong. Taya bangbaluh nu nyangkaruk. Sagala rupana tos disanggakeun ka nu Kagunganna. Tatag mapag datangna sang surya nu mimiti sumirat. Teuneung ludeung, taya sakeprul kahariwang nu bakal ngahalangan éndahna poé éta.

Béhna mah ngan sakadar sawangan. Jauh mela jauh melu tina kanyataan. Geura wéh ...

Karék ogé ngudar mukena, geus kapireng géréwékna si Bungsu. Tayohna diélég ku lanceukna. Da si Cikal mah resep pisan ngoconan nu jadi adi téh. Can ceurik mah tara eureun. Ari adina géréméngméngan, jeung épés méér. Mun teu buru-buru disampeurkeun moal pihadéeun. Geuwat ditempo nu keur otél téh. Kasampak si Bungsu keur dibakutet ku simbut bari dilékéték ku lanceukna. Atuh puguh manéhna adug-adugan bari gogoakan. Naaa ...  Ku aya-aya waé.

"Kakang!" tibang sakitu ngomong téh. Nu dihuit tuluy ngalieuk. 

"Tuda Ayi mah sesah gugahna, Mbu,"  kitu némbalna.
"Ayi!" kuring neuteup nu karék bijil tinu jero simbut.
"Muhun, Mbu, badé netepan," omongna bari tuturubun ti nu kasur. Dituturkeun ku lanceukna. Karék rék éngab ngawawadian, geus kapireng deui géréwékna  si Bungsu. Geus pasti diélég deui ku lanceukna. Kuring tibang wasa gogodeg bari seuri leutik. Nyeueung barudak beuki gedé. Aya rasa peurih marengan asupna hawa kana dada. Teu kamalinaan. Peun!

Nu keur otél ditinggalkeun. Sabenerna kuring teu kudu ngahuit maranéhna. Da yakin si Cikal tara kamalinaan. Éta mah tanda kanyaah hiji lanceuk. Ngan tadi mah disampeurkeun téh padah subuh kénéh geus gétréng. Bisi tatangga kabaribinan.

Sanggeus barudak miang ka sakola. Ngajulaeu sorangan. Ras inget ka cariosan Abah. Nu tadi karasa peurih ayeuna tambah nyanyautan. Teu kamalinaan. Peun!

Gesruk sasapu bari dituturkeun ku elap, ngepél carita na mah. Tuluy ngumbahan wadah disambung ku popoé. Bérés!

 Kencling indit rurusuhan. Bisi nu rék dituju kaburu teu kasampak. Nepi ka sisi jalan ngajengjen nungguan angkot. Ari keur rusuh heug hésé angkot atawa hésé ojég sok ambek ka sorangan. Ambek hirup taya kabisa. Teu bisa tumpak motor sorangan. Padahal motor butut-butut waé mah aya ngajuglug. 

Sajajalan haté jeung pikiran teu reureuh. Ingetan balik deui kana cariosan Abah. Tibang bisa ngarénghap jero nu dituturkeun ku rasa peurih. 

Nepi ka nu dituju, pribumi araya kénéh. Sanggeus dititah asup,  blus asup labas  ka dapur. Puguh lain nu lian pribumi téh. Nyatana kapi Uwa.

Uplek ngobrol, sagala didongéngkeun. Sanggeus ngawangkong ngalér ngidul, gubrag wangkongan kanu tujuan utama pangna kuring datang ka dinya.

"Wa, punten abdi seja ngadugikeun amanat ti pun bapa. Abah titip salam kangge uwa sakulawadet, sa ...," teu kebat. Kabujeng ditempas ku pun Uwa. Katawis raray Uwa reup geuneuk ray pias. Gantawang anjeunna nyarios bari tutunjuk dibarung soca nu semu hurung.

"Béjakeun ka Bapa manéh, teu kudu diingetan, da aing gé inget, can pikun!" kitu kekecapanna.  Tibang ngembang kadu, teu nyangka sacongo buuk. Uwa nu tadi ngawangkong jauh béda sareng nu nembe nyarios. Kuring teu lemék teu nyarék, teu wani neuteup raray nu nuju ungkara. Lain pihadéeun kuring lila-lila di dinya. Sabada amitan nu teu diwaro, kuring gura giru ninggalkeun bumi Uwa. 

Sajajalan haté jeung pikiran teu reureuh. Ras kana cariosan Abah, ras deui kana kajadian tadi. Kumaha nya pilakueun. Ka ditu kolot ka dieu nyakitu kénéh. Gustiii, pasihan jalan nu pangsaena kangge abdi sakulawargi!

Basa tepi ka imah, barudak can marulang. Kalah tuluy ngahiul, bingung nu teu manggih tungtung. Sora uluk salam ngageuingkeun tina lamunan. 

Teupi ka peuting haté jeung pikiran teu reureuh. Marudah. Parat nepi ka tungtung peuting. Janari leutik teu weléh mustari pikeun nyaliksik diri. Hayang meunang bongbolongan ngeunaan masalah nu keur disanghareupan. Mung ka Gusti Nu Maha Suci meredih, ngurihit, mugia aya sih piwelas ka jalma nu taya tangan pangawasa.

"Mbu ...!" teu kanyahoan Si Cikal geus aya di pangsolatan. "Éh, Kakang, tos gugah, Cu?" tanya téh bari ngarawu leungeun si Cikal tuluy diambung. 

"Mbu nuju seueur émutan?" tanyana bari neuteup. Kuring imut bari godeg lalaunan. Budak diteuteup. Seukeut ning haté budak téh. Bisa ngarampa kaayaan nu jadi indung. Kuring sabisa-bisa nyamunikeun nu keur pasuliwer di na haté jeung pikiran. Pok nyarita.

 "Kakang badé netepan?" dijawab ku unggeuk. Saditinggalkeun ku si Cikal, buru-buru muka Quran sangkan manéhna teu kateterusan tumanya.

Haté bungah lantaran si Cikal teu katutuluyan nyeleksek kaayaan kuring. Der berjamaah. Bacaan solat nu paséhat mawa  pikeun museur kanu Ngusikmalikeun Haté.
Réngsé berjamaah, tuluy ka dapur. Kakang jigana tuluy ngahudangkeun adina, padah kapireng sora adina kékéréwékan. Angger aya ku resep ngélég.

Sabada barudak miang ka sakola, lahlahan rék nepungan Abah. Teu hadé lila-lila nyeungceum pasualan. Matak méakeun tekad hadé. Ceuk basa Batawi na mah "menguras energi positif." Matak geus gilig seja nembrakkeun sagala rupana ka Abah, rék beureum rék hideung kumaha geletuk batuna kecebur caina. Bismillah!

Basa nepi ka bumi Abah, kasampak anjeunna nuju di buruan. Solongkrong munjungan, bari naroskeun Ema. Kuring tuluy nepungan nu jadi indung nu nuju kaprak-keprek di pawon. Bari ngahihidan sangu, kuring muka wangkongan.

"Abdi cios nepangan Uwa teh, Ma,"  Ema lirén ngulangkeun pangarih, terus neuteup ka kuring.
"Kumaha saur Uwa, Nyi?" derekdek ku kuring dicaritakeun satarabasna, taya nu didingding kelir. Raray Ema katawis angkeub, pok nyarios, "Kadé hidep ulah waka nyarios nanaon ka Abah. Urusan ieu jadi urusan Ema!" kitu cariosan anjeunna.
Sabada ngawangkong ngalér ngidul kuring tuluy amitan.
Sajajalan haté jeung pikiran teu reureuh. Sok sanaos Ema parantos nangkes ieu pasualan, lain hartina pasualan ieu réngsé. Ngan pindah wungkul tina taktak kuring kana taraju pun biang.

Saminggu geus kaliwat. Basa keur moé seuseuh, aya nu uluk salam. Barang dirérét geuning Ceu Édoh, panyawah Ema. Manéhna dijurungan ku Ema néang kuring. Sanggeus ngonci panto ngajugjug bumi Ema dituturkeun ku Ceu Édoh. Sajajalan Ceu Édoh galécok sagala dicaritakeun.

Dugi ka bumi Ema, anjeunna nuju moé ranginang. Ceu Édoh mah tuluy ka pawon. Ari kuring tuluy diuk dina ambén. Sor Ceu Édoh nyuguhan cai entéh curot jeung seupan sampeu apuy anu masih ngebul, disandingkeun jeung kurud gula kawung nu kaangseu seungitna. Bubuhan gula kawung asli, saur Ema kintunan Ceu Erat ti Cikaramas Peuntas. Kuring ngahenggoy seupan sampeu nu dicocolkeun kana kurud gula kawung disurungkeun ku cai entéh curot. Éstu teleb anteb.
Tapi angger haté jeung pikiran teu reureuh. Kuring nungguan kumaha geletuk batuna kecebur caina. Mugia Gusti Anu Maha Suci maparin katangtosan nu pangsaena kanggo sadayana!
Réngsé solat Lohor kuring amitan. Bisi barudak kaburu datang ti sakola. Heug can nyampakeun keur ngawadang. Pisakumahaeun teuing haranaangna. Ema mapadian sangkan kuring ulah tarik teuing mikiran ieu pasualan. Tibang dijawab ku unggeuk.
Saminggu ti harita Ceu Édoh geus datang deui dipiwarang ku Ema néang kuring. Lantaran ninggang kana poé Ahad barudak sakalian diajak. Bring opatan muru ka bumi Abah. Sajajalan galumbira. Kuring ogé kabawa hégar. Barudak teu weléh jadi pamépés haté nu keur pajurawet. Jadi pangbeberah tina kasusah. Sok sanajan sakapeung mah sok matak pikakeuheuleun. Tapi teu nanaon pan hirup mah teu salawasna datar. Anggap tingkah polah barudak ngarupakeun hiji seni dina ngalakonan kahirupan.
Abah sareng Ema bingah pisan ku ayana barudak. Aranjeunna teras uplek ngawangkong, duka naon témana da kuring mah tuluy ka pawon mantuan Ceu Édoh nu keur nyieun katimus jeung comro.
"Mbu, Kakang sareng Ayi bade ngiring sareng Abah ka kebon,  wios?" teu kanyahoan Kakang ngelol tina panto pawon.
"Muhun. Kadé cing ati-ati, talingakeun Ayi!" kitu ceuk kuring mapadian.
Sanggeus barudak miang, Ema ngagentraan. Kuring geuwat nyampeurkeun.
Ema ngajak kuring ka pangkéngna. Kuring surti kunaon pangna Ema ngajak kuring kadinya. Sabab tangtu aya hal penting nu rék didugikeun ku Ema. Gék Ema calik dina biwir pangsaréan. Kuring nurutan. Teu lila pok Ema nyarios,

 "Nyi, ngeunaan kajadian kamari ieu, ku Ema geus dicaritakeun ka Abah. Semet ayeuna ka hareup urang entong ngungkit-ngungkit deui pasualan éta. Urang nuturkeun kapalay Uwa. Tangtu anjeunna ogé kagungan alesan. Teu hadé urang aya pacogrégan jeung anjeunna nu geus jadi gaganti aki jeung nini hidep. Kahayang mah urang saréréa  runtut raut sauyunan. Muga pasualan ieu gancang réngsé kalayan nyugemakeun, ulah ngabuntut bangkong. Kudu aya bulé hideungna!" kitu kasauran Ema.
Kuring ngaminkeun. Taya niat baha. Kuring percaya éta kaputusan nu pangalusna keur waktu ayeuna.
Basa panonpoé lingsir ngulon kuring jeung barudak ninggalkeun bumi Ema, bari ambarekut ku babawaan pamahanan Ema. Kuring ngajingjing wadah gedé, pon kitu deui si Bungsu jeung si Cikal teu léngoh. Jigana dina jero saminggu mah kuring moal susah ku dahareun.

Sabulan ti harita Ceu Édoh geus datang deui dijurungan ku Ema néang. Lantaran di imah geus bérés tuluy milu indit harita kénéh bareng jeung manéhna. Nepi ka teun Ema kasampak tos aya Uwa nuju calik dina korsi hoé. Haté ngareunteut. Masih natrat na ingetan kajadian harita. Kuring tuluy munjungan ka Uwa. 

"Damang, Wa?"  kuring lalambé. 

"Cageur," kitu ngawalerna. Solongkrong ka Abah nu nembe kaluar ti pangkéng. Kuring tuluy nepungan Ema. Diuk pagigir-gigir dina ambén. Ti dinya paningal témbrés ka tempat Uwa calik. 

Abah teras calik papayun-payun sareng Uwa. Nukangan ka tempat kuring diuk jeung Ema. Duanana teras uplek adu renyom. Jiga na pasualan nu diadurenyomkeun kacida dariana. Katawis tina ulat raray Uwa. Sakapeung semu ngemu ka keuhel sakapeung datar sakapeung semu ngemu kapeurih. Sakapeung melong ka tempat kuring diuk. Kuring jeung Ema tibang bisa silih rérét. Nungguan hasil adu rényom dibarung haté nu tagiwur. 

"Ma, Nyi, kadieu!" Abah nyalukan. Geuwat kuring kalih Ema nyampeurkeun. Gék dina korsi. Kuring tungkul, teu wani paadu teuteup jeung Uwa. Ema ogè kitu. 

Sawatara jongjongan simpé. Kapireng Uwa ngarénghap jero, teu lami pok anjeunna nyarios,  

"Bi, Nyi, hampura Uwa, geus ngabaé-baé ieu urusan. Kuduna mah ti béh ditu Uwa datang kadieu. Teu kudu Nyai datang nepungan Uwa. Ayeuna Uwa geus teu bisa kukumaha. Uwa masrahkeun ka urang dieu. Uwa geus moal ilubiung. Uwa geus béak déngkak ngupayakeun sangkan Bapa si Kakang babalik pikir. Geus ayeuna mah mending gé manjang baraya. Ngeunaan pakaya nu aya didieu Uwa geus moal ngagunasika. Pék patéahkeun keur barudak. Uwa masih boga ka beubeurat ka Ibi. Dungakeun aya milikna Uwa bisa naur sagancangna. Jeung omat Amang sakulawarga kudu ngahampura ka Bapana si Kakang. Urang manjangkeun babarayaan, tetep nepungkeun duduluran. Moal bisa pegat puguh talina nganteng sadua-dua!" kitu kasauran Uwa. 

Saréngséna nyarios Uwa teras amitan teu kenging di andeg. Ku saréréa dijajapkeun dugi ka lawang pager. Diteuteup dugi ka lesna diteureuy pengkolan. 

Saréréa tuluy asup deui ka imah. Gék dina urut tadi. 

"Tah kitu geuning, Nyi," Abah muka wangkongan. 

"Abah jeung Ema masrahkeun sagemblengna ka hidep. Nanggung gé ari beurat-beurat teuing mah sok diécagkeun," Abah nyariosna daria. Ema ngusapan tonggong. Sanajan teu nyarios usap indung leuwih teleb. 

Saditinggalkeun ku kolot, kuring ngaheneng ngaragameneng. Sagala rasa pagaliwota dina jero dada. Asa cawengah.  Bray ...  Bray ...  Alam dunya karasa beuki ngempray. Méga hideung nu ngadingding saeutik-saeutik nyingray. Saenyay harepan nyaangan jalan sorangeun. Kuring geus gilig, nandonkeun sésa umur sagemblengna pikeun barudak. Cag*)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Teungteuingeun

Nu Nyiar Ubar