Teungteuingeun

Raheutna haté ngamalirkeun getih kanyeri. Ngahudangkeun rasa diteungteuinganan. Ngahurungkeun seuneu kakeuheul nu ngarérab régang kanyaah tug nepi ka ngadurukna ninggalkeun gundukan lebu kaceuceub.
Rasa disapirakeun sakedét nétra ngamusnahkeun sagala kaheman. Gudawangna raheut teu weléh ngamalirkeun getih kanyeri.

Gulidagna cai ka asih mimiti mareuman ruhayna amarah. Tapi ruhakna teu bener-bener pareum. Hiliwir angin kanyeri sok ngalantarankeun ruhak amarah téh marakbak deui. Gudawangna raheut poma kadupak boh ku sikep atawa ku caritaan angger ngamalirkeun getih kanyeri nu ngamuara ka sagara tunggara.

Pan aya surga jeung naraka. Pasti aya wawales nu bakal katarima. Teu ayeuna sugan jaga. Teu di dunya sugan di akherat. Teu ku dirina boa ku anak incu buyutna. Kayakinan kana hal éta saeutikna ngubaran sagala rasa katideresa. Kayakinan nu dumasar tina rasa teu tuah teu dosa. Naha enya teu tuah teu dosa?!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tumamprak

Nu Nyiar Ubar